Sajatining Rasa
Sajatining Rasa adalah kumpulan sajak Sunda dari Neti Winarti
ISBN: 978-623-6326-09-1
Hakekatna nulis sajak mangrupakeun cara ngebrehkeun rasa pikeun
ngayakinkeun yen alam diri manusa (alam dunya) loba nu teu bisa dipiharti
saujratna ku manusana sorangan. Nu tumuwuh ngan saukur panyangka jeung silih
sangka ngeunaan hirup. Ngan disadari ku satiap panyajak yen nyiptakeun sajak
moal leupas tina gawe ngahening (kontemplasi) ngeunaan lengkah paripolah diri
nyorangan atawa garapan jalma sejen nu pernah katenjo, karasakeun, jeung
kapikiran. Sisi pamikiran dirina sorangan pabaur jeung sisi panalungtikan ka
luar dirina. Padahal manusa sakuduna leuwih ngajenan naon rupa nu aya dina
dirina.
Posting Komentar
0 Komentar