Buku ieu sanés kitab filsafat, sanés ogé karya ilmiah nu daria. Estuning lahir tina hasil diajar, obrolan santai dina unggal pengajian, katut diskusi sareng para guru sim kuring di tempat mondok sareng ngaji. Fokus bahasan dina buku ieu, taya sanés ngeunaan patarosan anu mindeng kaemut dina sirah urang: patarosan perkawis takdir, upami dina rukun iman mah istilahna “Qodho sareng Qodar”. Naha urang leres-leres tiasa milih jalan hirup, nasib, sareng takdir? Naha usaha atanapi ikhtiar urang aya gunana? Boa-boa sadayana tos ditangtoskeun ti awal kunu Kagungan?